PIWURUK SEPUH


GUNUNG SUBANG

Kaendahan alam ditungtung wetan 
Tempat neundeun kadeudeuh nimba kahayang
Kasawang tiisna rasa
Hateeee ... rasa kagupay hayang geura datang
Kuring datang mawa rasa kasono jeung bogoh
Didinya kabogoh nangtungkeun gunung
Kabogoh melak tangkal jeung Kiara
Kuring eureun dina saontera waktu
Sila  sidengdang bari nyalende dina Kiara lawang
Kakuping... recetna suara manuk
Katempo... rajegna tatangkalan
Curcor cai nuharerang
Hiliwir angin tigunung nyecep tiis karasana
Kuring nyuuh syujud syukur
Kurunyun utusan datang ngajak naek katungtung gunung nepungan kabogoh
anu jadi dambaan pujaan hate ayana di tungtung pangluhurna
Gunung Padang Narawangan
Gunung gambaran "ALAM"
Padang Narawangan  "ALAM LUAS TANPA BATAS"
Tempat urang pangbalikan
"PAMULIHAN"

PIWURUK SEPUH
Anaking anak awaking
hidep diangkir dapuguh dinawancina
diundang da puguh dina mangsana
wanci  nu mustari,  mangsa nu utama,  waktu nu rahayu
poe hade keur ngaguar awak sakujur
cag  geura regepkeun piwuruk sepuh 
Ass......
Dina awak sakujur teh  aya dua unsur,  nyaeta 
Unsur Jasmani oge unsur Ruhani.
Mun dina Bahasa sunda sok  aya 2 ( dua ) kecap nudisebut "JISIM KURING".
Jisim ( jismun } dihartikeun  ; Jasad  atawa  awak sakujur.   Kuring/abdi  nyaeta  "Ruhani"            
1.Jisim/jasad bakal "BILATUNGAN"
2.Kuring/ruh bakal "BALITUNGAN"
Kumargi kitu kahade ulah hayoh wae ngalus ngalus jasad,
sakumaha kasep jeung geulisna, da ujung  ujungna pasti "BILATUNGAN"
ulah poho ka "kuring/abdi" sabab eta nu bakal "BALITUNGAN"
Riksa diri, raksa awak... ngarah salamet dunya akherat
Di tatar sunda seueur simbol siloka kaasup kecap "SUNDA" eta ngabogaan harti anu jero.
SUNDA teh ngandung harti " NUNYUSUN DINA JERO DADA"
Naon atuh anu  nyusun dina jero dada teh ? Nyaeta kalimah  Tauhid " LA ILAHA ILLALLAH"
lamun heug prak dikaji jumlahna aya 12 hurup, anu ngandung harti aya 12 kawajiban nyaeta ;
6 kawajiban bhatin tea,  jeung 6 kawajiban dohir tea.
Kawajiban bhatin nyaeta "Rukun Iman aya 6,
Kawajiban dohir " Rukun Islam " aya 5 jeung Ikhsan aya 1
Jadi jumlahna aya 12.
Lamun manusa geus Iman, Islam tur nepi kana Ikhsan, ngarasa neuteup jeung diteuteupna  ku Allah, tangtu eta jalma bakal boga rasa jeung  rumasa, salamet hirup jeung kahirupannana kersaning Allah SWT. Tapi sabalikna urang bakal cilaka  lamun   mempar tisoledat tina eta  12 perkara, ari sabab teu aya deui cilaka anu panggede gedena iwal ti cilaka 12.  Nyaeta  manusa geus teupercaya ka Allah teu make iman, islam jeung ikhsan  nu 12 hurup tadi.    
Mudah-mudahan mampaat keur diri pribadi oge wargi-wargi sadaya. Amin........                                                      
Salam... ( Postingan dikirim ping 1 Agustus 2017 "Koran Serumpun "PORIS")


Komentar

Postingan Populer